Senin, 27 Juli 2015

Rajah Galunggung


Balumbung Agung rahayu 
Ruminjing manjing walagri
Balumbung Agung rahayu 
Ruminjing manjing walagri ...

Bray caang bray narawangan
Wangi diri sanubari
Gorejag  sarengkang-ringkang 
Rancagé haté awaking...

Ngembatkeun jalan laratan katampian geusan mandi
Ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri-diri anu sakiwari
Rék muruh lulurung tujuh ngaliwat kapajajar bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan
Hung Ahung...

Turun ti gunung gumuruh kahujanan,,, Kuma ati ....
Nyamoyan di pamoyanan papanggih jeung urang dawih
Anu keur mener ngarajah madep ka Dayeuh ka Wangi
Hung Ahung...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar