Senin, 27 Juli 2015

Rajah Kandangwesi


Rep sirep napa dita ngabumi puseur pangawasa
Netepkeun titah sajati rahayu na ti Hyang Widi (Alloh SWT)
Seja ngalabu ngawatan netés waris Nini Aki
Mipit kanu nunggu leuit nu keur nyipuh dina leuwi
Nyumput buni dinu caang ...

Sumeja tanghi naratas wanci dina hirup jeung huripna
Ilang napsu hudang rasa usik jati para abdi
Nya bukti nyatria pawesti
Tina asal kuring jeung kurungna katut kandang jeung eusina ...

Medal kidung kendang wesi nabeuh tembang ngabuih rajah
Rajah du’a sanubari hibarna rumuhun suci
Nyaksi diri pagancikan geusan usik mesék diri
Tés putih mulya badan wawayangan gusti rosul

Sasadu kapara Karuhun neda wurug
Neda tangtayungan ti Gusti dzat nu Maha Pasti (Alloh SWT)
Para Nabi nu Linuhung
Muhammad jungjunan Agung
Mapai tapak Siliwangi
Teleumna dihandeleum... sieum...

Heleut berang, heuleut peting lapucang labuh kapuhu
Kebo mulih pakandangan carita diguar keur netés ciri pangbalikan
Nebar seungit wawangian temrésna pangeuing éling
Bis wiwitan
Lah lekasan
Lah pangawé manusa suci
Lah pangawé manusa selah
Anu sah sahadatna
Sampuraning... sampuraning... iman suci, amin yarobal alamin ...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar