Minggu, 02 Agustus 2015

Amanat Galunggung



Manjing kana waktuna
Ninggang kana mangsana
Muru maluru béh ditu
Nungtik nyungsi nu kamari
Hudang pikeun tandang nu kiwari
Ngundeur meureun ngala sugan
...
Hana nguni hana mangké
Tan hana nguni tan hana mangké
Aya baheula, aya ayeuna
Moal aya ayeuna mun euweuh baheula
.. ..
Aya Indung, aya bapa
Indung nu ngandung
Bapa nu ngayuga
Aya Indung, aya surga
Aya bapa aya dunya

Du’a Indung jadi jimat
Jampe bapa jadi ubar
Pikeun lengkah
Pikeun tandang
Ngadeugkeun ajén Kisunda

Laku lampah nu utama
Nyebarkeun asih kasasama
Tingkah polah sing merenah
Sangkan panggih kamulyaan
Kajembaran
Kawaluyaan
Karahayuan

Congkrang kujang ngajirim nonoman
Nu gedé wawanéna
Panceg dina galur
Salawasna akur jeung dulur
Panceg dina galur
Babarengan ngajaga lembur
Panceg dina galur
Moal ingkah najan awak lebur

Munut ridho Gusti
Ngalap berkah Gusti nu Maha suci
Munut ridho Gusti
Ngalap berkah Gusti Sang Hyang widhi
Bral geura miang

Tandang makalangan
Nanjeurkeun kabeneran
Ngawangikeun bumi Pasundan
Sok geura hudang

Tandang makalangan
Sanghareupan musuh
Najan palastra nepi kabinasa
Sakabeh nu gumelar didunya
Bakal panggih jeung ajalna
Ngan nu mangpaat pikeun sasama
Anu bakal abadi

Ngarana ditulis dina prasasti kahirupan
Laku lampahna turuteun pikeun anak incu
Kujang nu nyurup kana raga
Anu nyieup kana wanda
Ngajirim jadi nonoman sunda
Sinatria ti Tanah Pasundan
Nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan
Teu keuna ku owah gingsir
Teu kasilih ku junti
Ganjaran nu belapati, satria santosa iman,
Sinatria pilih tanding Lalaki lalanang Jagat

~Naskah Amanat Galunggung, Rakeyan Darmasiksa, Raja Sunda ( 1175 M -1297 M )~

Tidak ada komentar:

Posting Komentar