Rabu, 13 April 2016

Rajah dina Novel Roman Sejarah “Wastu Kancana” karya Drs. Yoséph Iskandar

Rajah Pamunah dina bubuka
 
Pun Sapun!
Ka Gusti Nu Maha Suci
Ka Rumuhun ka Karuhun
Ka sakumna Lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyowara tan rupana
Amit kami seja mipit
Amit kula seja ngala
Carita mangsa bihari
Laratan Pasundan Bubat
Nu ngamalir dina getih
Ngamuara dina rasa
Ngadangdiang dina sukma
Méméh ngajamparing ati
Kapentang kapanah bayah
Pangrajahkeun pangmunahkeun
Muga jembar na panalar
Paralun!

Rajah Panutup

Pun Sapun Awignam Astu
Ka Ratu Hyang Prabu Wastu
Ludeungkeun kami ngagurit
Prasasti dina prasasti
Kawali implengan diri
Clik putih clak hérang caang
Hampura mun kurang padang
Sakadugana sakatepina
Pun Sapun, ampun paralun!

Paralun ka para Karuhun
Hampura nyanggi carita
Bisi ipis gurit amit
Bisi atah nya pangrajah
Kami seja ménta ampun
Muga jembar pangampura
Dina lebah teu kaaji
Dina tujul teu ka ajul
Paralun ampun paralun

Paralun ka Hyang Ruuhun
Hampura medar lalakon
Bisi leuwih pangneukteukeun
Bisi kurang pangnambahkeun
Muga surti panalarna
Dina sajatining Sunda
Dina cikawening ati
Paralun ampun paralun!


~Drs. Yoséph Iskandar 9 Agustus 1987~
dina bukuna "Wastu Kancana"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar